PUASA KATUNGTUNGNAKEUN...

Puasa nincak lilikuran.mangsa panon poe keur manceran,ngajejedag, panas kacida. Lawang asup Bungaok Indah Plaza, hiji mol dipuseur dayeuh Bojong Kenyot unggal panta reuteum ku jalma ngadon nariis. Sungutna calangap kawas jaer kasaatan, ngiceupna sabedug sakali. Diantara nu balawiri kalalar sapasang wanoja, pakeana pungsat boleklak, ngambeng es krim, meh unggal detik dilamotan. Sakur jalma nu nempo sing balieur miceun beungeut bari sing kecewis kieu “Ih asa teu boga ka adeuh!” 

Kuliwed kapipir mol, ngaderet baramaen raranggah marenta sedekah, meberkeun ladang amal. Deretana parat ka jongko es teler jeung tukang baso anu bangkuna geus heurin, pajubel kunu jarajan. “Keun we nya! Pan urang mah keur M!” Ceuk nu lintuh bayuhyuh bari nyaleuhak murak jendil baso. “Em….mang!” Tembal baturna bari kutap ketap, hayang deui nambah . Kitu deui diwarung “ma ocoh” geus kawas sasari deui, rebun rebun keneh hidangan geus ngarebul. Ngan saeutik nu beda, warungna dikekeben ku samping kebat,. Maksudna mah meh teu negrak teuing. Najan dibunian, ari geus tengah poe mah, atra pisan pasolengkrahna suku anu keur saur kabeurangan, ditambah tongtrangna sora sendok jeung piring paaradu.

Nincak poe lilikuran, loba nu geus giung, teu walakaya nahan pibataleun, sing jarungkel Kara O. Teu cara basa saur munggaran sakitu sumangetna, ngabelaan bagadang da bisi kabeurangan. Nyutik kejona ge bedas, ampir tilu jungkelan, da nu disanghareupan teh semur jengkol jeung pais gurame. Beuki nyerelek ka lebaran godaan beuki kedeplik, saur beuki kaleked, najan alarem hape jeung beker sing kirining ngahudangkeun, jongjon we teu galider, malahan tambah nyegrek. Rajeun ngalilir ngan ukur cupu capa ka nu sing kirining, terus dipangpengkeun hiji hiji. 

Hawa lebaran geus karasa bayeungyang, nu diomongkeun teu jauh ti THR, baju lebaran, resep kueh, jeung nangtukeun poean mudik. Teu saeutik oge nu sura seuri sorangan bari ngorobet amplop gajihan , kandelna beda tisasari, rada ampeg, lantaran dihijikeun jeung THR oge bonus taunan. Kitu deui anu ditransfer polahna teu jauh beda. Sabalikna aya oge nu senggah nyanghareupan lebaran teh, ngaharep anu pamohalan, ngaharep rejeki tilangit atawa ngaharep meunang kuis di tipi, bari jeung tara rajin sms. Tungtungna ngan ukur bisa murukusunu bari humandear kawas kieu “Cik atuh lebaran teh diundur dua bulan deui mah, meh santek teuing yeuh!” Aya aya wae! 

Related Posts

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Pages

Diberdayakan oleh Blogger.

MY LIFE

MY LIFE

Popular Posts